Nyi Iteung Pegat Tali Asih
|
Ariansyah
F. : Ujang
Dede
Winda : Neng Onah
Elia : Nyi Iteung
M.Fauzan : Abah
Sandi
S. : Kabayan
Yuliana : Ema
|
Sampurasun…
Ka
Mang Oman dititah ku uwa
Ngan
hanjakal eweuh mang Omanna
Tepangkeun
ieu kelompok dua
Anu
garaya eweuh tandingna
Aya
budak mani beresih
Cicingna
teh di Sukadana
Nyi
Iteung pegat tali asih
Eta
pisan judul sindirna
Ngala
cai dina kendi
Pas
tepi eweuh caian
Kenalkeun
simkuring sandi
Nu
merankeun si kabayan
Ka
ciamis meli koya
Papanggih
jeung balarea
Nepangkeun
wasta elia
Jadi
iteung nu kasohor tea
Sasih
ayeuna musim hujan
Caina
teh loba nu mubah
Tepangkeun
simkuring fauzan
Nu
merankeun palaku abah
Loba
nyeri loba tugenah
Nyerina
teh kabina bina
Tepangkeun
simkuring neng onah
Balad
iteung nu pang bageurna
Ka
pasar rek meli cai
Aya
lutung dahar gedang
Tepangkeun
simkuring ari
Nu
kasep ti karanggedang
Make
sarung teu di calana
Iinditan
mekah madinah
Nepangkeun
wasta yuliana
Janteun
ema bojona abah
“Sumangga
atuh regepkeun Aa, Teteh, sisindiran bade dikawitan”
Kacaturkeun
di hiji poe, Nyi Iteung keur ngahuleng di sisi balong bari ngoprek cai.
Lantaran honcewang ka budakna nu
hiji-hijina, Ema jeung Abah Iteung nyampeurkeun tuluy nanya ka Iteung.
Ema : ka Cimaragas meuli buleng
Nu dagangna meuni kuuleun
Ku naon Iteung hulang huleng?
Mani siga domba jualeun
Iteung : ka warung meuli obat puyeng
Aya combro anu gaaleun
Atuh wajar Iteung ngahuleng
Da kabayan pikasebeleun
Abah : Pangandaran Pamarican
Rea pisan tatangkalan
Kunaon kitu Kabayan?
Ku Abah cuang paehan
Iteung : ka pasar meuli pakean
Ka warung meuli manisan
Ih Abah tong dipaehan
Da Iteung teh bogoh pisan
Keur
kitu jol Kabayan jeung babaturanna, sarta neng Onah nu mangrupakeun sobat
daleutna Iteung, aranjeunna bade nepangan Nyi Iteung.
Kabayan :”Assalamualaikum”
Di Pangandaran loba kumang
Loba bule anu harideung
Kumaha abah ema daramang?
Kuring datang rek nepangan iteng
Ema
ka kebon mamawa rantang
Kebona karasa keueung
Tah geuning kabayan
datang
Ema melang ka si iteung
Abah ngajang
ka imah bi oon
Di jalan loba nu melong
Maneh teh migawe naon?
Iteung ceurik sisi
balong
Ujang dahar nangka anu atah
Tungtung na teh nyeri
beuteung
Tah abah kang kabayan
tah
Tadi geus megatkeun
iteung
Neng
onah mawa sangu ngan sakeupeul
Indit na poe salasa
Tah abah kabayan
teungeul
Pek mangga tong asa asa
Kabayan indit bareng ka sakola
Di jalan manggih pala
Keheula abah keheula
Kabayan rek ngomong
heula
Abah
indit ka pasar jeung mamah
Aya nu gelo nuturkeun
Sok atuh arek ngomong
mah
Kapaksa cuang dengekeun
Neng
onah aya jalma nu ker moyan
Awak na nepi ka ngebul
Lah gandeng maneh
kabayan
Maneh mah raja na debul
Ujang
moro bagong make panah
Loba sato nu araneh
Maneh nu tong gandeng
onah
Da lain urusan maneh
Neng
onah Ka citanduy ngala hurang
Ngala hurang jeung
parawan
Keun
bae kumaha urang
Montong sok kalah
ngalawan
Ema Si icih keur nyeuseuh hordeng
Beungeutna kacida sangar
Garandeng maneh
garandeng
Tong kalah nambahan
jangar
Kabayan Mang sumanto keur nyeurieun beuteung
Saeunggeus dahar di si
Adrian
Lain kuring teu bogoh ka
iteung
Ngan kuring teh rek
fokus ujian
Ujang Si Fauzan keur nganterkeun
Awewena alus pisan
Tah gening abah
dangukeun
Pegat teh jang ka alusan
Abah Di cirahong meuni keueung
Kusabab loba jurigan
Ih dasar maneh teh
iteung
Pan maneh ge rek ujian
Iteung Aya beurit dina para
Di uudag ku si tata
Hampura abah hampura
Iteung teh teu mikir eta
Neng
onah :”Tah rengse atuhnya masalah teh?
Intina mah Teung:”
Si Cila kabogoh Fauzan
Hanjakal kalah pepegatan
Mun bogoh tong kamalinaan
Ayeuna mah fokus ujian
Sakitu sisindiran anu kapihatur ti
kelompok dua,
Obat
leho make insana
Meulina
di neng Yuliana
Hatur
nuhun kana perhatosanna
Punten
kana kalepatanna
Wassalamualaikum
Wr.Wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar